Assalaaamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh,
Ikhwatiy Fillaah, Rahimaniy wa Rahimakumullah,
Hadiriin wal Hadiroot,
Khususna Calon Panganten Pameget, A Salman anak Om Redi,
Calon Panganten Istri, Neng Resa
Keluarga Besar Calon Panganten Pameget, Keluarga Bapak Edi-Ibu Yanti, Keluarga Besar Almarhum Wa H. Mamad Kusnadi, Keluarga Besar Almarhum Aki H. Gaos
Keluarga Besar Calon Panganten Istri, Bapak Wawan - Ibu Tarsiah,
Alhamdulillah danget ieu urang sadaya dikempelkeun ku Allah di tempat nu barakah di waktos nu mulia karena urang sadayana seja ngalaksanakeun Sunnah Nabi nu agung mangrupi pernikahan putri-putri urang A Salman sareng Neng Resa.
Ka Kasepuhan, 'Alim 'Ulama, Kyai, Ustadz, guru abdi sadaya, Nyuhunkeun widi abdi seja ngalaksanakeun khutbah nikah, nyonto sunnah kanjeng Nabi, Rasulullaah Shalallaahu 'alaihi wa sallam dina rangkaian tatacara akad nikah secara islam.
A Isal, Neng Resa, regepkeun ieu nasehat kanggo hidep duaan calon panganten baru oge kanggo panganten baru 10 tahun, 20 tahun tangtosna kanggo sadaya nu hadir di haflah mubaroka ieu.
A Isal, Neng Resa, Rasulullah di setiap nikah ngabacakeun Khutbatul Hajjah ieu mangga regepkeun:
إنَّ الـحَمْدَ لِلّهِ
Saestuna sagala puji mung kagungan Allah Ta'ala
Sagala puji kagungan Allah karena sadaya nu aya di dunia, di langit di bumi, di awak urang, sagala ciptaan sareng perbuatan, eta sadayana ti Allah.
A Isal, Neng Resa, Termasuk ayeuna InsyaaAllah hidep duaan bade ngadahup janten suami istri eta kersaning Allah. Seragam, catering, gedung, ieu sadayana ni'mat ti Allah. Dari ari Ibu, rama, bantuan ti keluarga eta mah mung media wungkul.
نَـحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ،
ku lantaran sadayana ti Allah maka wajar pami salawasna.
"Urang muji ka Allah"
"Uang nyuhunkeun pitulung ka Allah"
"Urang nyuhunkeun ampun, istighfar ka Allah"
Jadi saur Rasulullah, A Isal, Neng Resa, engke di kahirupan hidep pasti aya kabungah, kasusah sareng aya hilapna.
Aya kabungah, kabahagiaan, puji Allah eta bakal nebihkeun kasombongan
Aya kasusah, minta pertolongan ka Allah, pasti dipasihan jalan kaluarna. Eta nebihkeun tina kamusyrikan, nyuhunkeun , ngagantungkeun diri ka selain Allah.
Sebagai manusia urang bakal aya hilapna, aya salahna, minta ampun ka Allah nu maha jembar, maha ngahampura, Maha Mengampuni. Eta bakal nebihkeun tina depresi, oge penyakit batin sanesna.
وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا،
"Urang nyalindung ka Allah tina kaawonan hate urang." Teu sabar, gampang ngambe, hasad, dengki, teu nyaah ka istri.
"Urang nyalindung ka Allah tina kajahatan amal urang". Dosa teh bakal jadi bengberat urang. Ngadoreksakeun hirup urang. Seueur nu hirupna teu berkah karena teu nyuhunkeun hapunten, teu nyalindung ka Allah tina dosa-dosana.
مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ،
"Saha-saha nu Allah Pasihan pituduh/petunjuk, bakal jauh tina kasesatan"
"Saha-saha nu ku Allah di sesatkeun, bakal jauh tina pituduh/petunjuk"
وَأَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُـحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُه.
"Urang nyakseni/bersaksi teu aya Ilah nu berhak disembah iwal ti Allah wungkul
hiji-hijna, teu aya sekutu kanggo Allah"
Urang nyakseni/bersaksi bahwa Kangjeng Nabi Muhammar eta hamba saren Rasul Allah"
Salajengna Rasulullah ngabacakeun ayat Al Qur'an:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ
"Wahai sadaya jalma nu ariman, tarakwa anjeun kalayan sabener-benerna takwa. Omat anjeun tong maot kecuali dina kaislaman"
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا
"Wahai sadaya manusa, kudu tarakww anjeun ka Rabb anjeun nu nyiptakeun anjeun ti jiwa nu hiji (Nabi Adam), diciptakeun ti jiwa eta pasanganna (Siti Hawa). Diturunkeun ti anjeunna duaan, lalaki sareng perempuan nu seueur. Tarakwa anjeun ka Allah, nu anjeun marenta ka Zatna, jaga silaturahim. Saenyana Allah Nenjo/Ngawas ka aranjeun sadaya"
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا
يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا أَمَّا بَعْدُ
"Wahai sadaya jalma nu ariman, tarakwa anjeun ka Allah, berkatalah yang benar (tong ngabohong, sampaikan agama). Allah bakal memperbaiki amal-amal aranjeun, ngahampura kasalahan-kasalahan aranjeun, Saha-saha nu ta'at ka Allah sareng Rasulna, pasti Allah sukseskeun, sukes nu agung (dunia akhirat)
Ditutup ku ayat ieu.
A Isal, Neng Resa,
Dina khutbah ieu kahartos ku urang, Rasulullah menasihati ka calon panganten .. hal:
- Yakin sadaya nu nimpa ka hidep duaan, bungahna, susahna, eta ti Allah Subhanaahu wa Ta'ala. Ieu dasar nu agung. Tauhid Rububiyah. Pami hidep duaan tiasa ngamalkeun, InsyaaAllah keluarga bakal aman tentrem, sakinah mawaddah wa rohmah karena moal silih salahkeun da sadayana ge tos diatur ku Allah.
- Selalu bersyukur dengan selalu memuji Allah. Pami aya pangabutuh aya kahoyong minta ka Allah, pami aya kasalahan geura-geura istighfar ka Allah. Ieu Tauhid Uluhiyah. Ngagantungkeun ibadah mung ka Allah.
- Sadar bahwa jalmi teh dipasihan ku Allah sisi nu jahat. Hidep kedah teras-terasan nyalindung ka Allah. Pami kajadian, urang ngalaksanakeun kajahatan. istighfar teras urang nyalindung tina kajahatan eta amal urang.
- Salawasna nyuhunkeun pituduh ka Allah Subhanaahu wa Ta'ala. Hiji-hijina nu tiasa masihan pituduh iwal ti Allah SWT.
- Opat hal eta bakal tiasa ku hidep laksanakeun pami gaduh 2 bekel:
- Hiji, bekel Islam, ku Syahadat nu ikhlas
- Dua, bekel Takwa, kayakinan ngalaksanakeun naon wae eta mungguhing parentah Allah SWT
Ieu teh nasehat kanggo urang sadayana termasuk om redi ya A Isal.
Mugia urang sadayana tiasa taat patuh ka tuntunan Rasulullah ieu.
doa kanggo A Isal sareng Neng Resa
بَارَكَ اللَّهُ لَكَ وَبَارَكَ عَلَيْكَ وَجَمَعَ بَيْنَكُمَا فِى خَيْرٍ
/Baarakallahu laka wa baaraka 'alaika wa jama'a bainakuma fi khayrin/"Semoga Allah memberikan keberkahan padamu dan mengumpulkan kalian berdua dalam kebaikan" (HR. Abu Daud no. 2130, dishahihkan Al Albani dalam Shahih Abu Daud).
Wassalaamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh
Garut, 11 Rabiul Awwal 1446H / 14 September 2024
redi